Majalaya, 28 Maret 2025
Assalamualaikum Wr. Wb.
Mangga urang sami-sami manjatkeun puji sareng syukur ka Allah SWT, nu di mana dina kasempatan ieu urang sadaya atos dipasihan kasempatan kempel sareng dina kaayaan sehat walafiat.
Shalawat sareng salam mugia kalimpahkeun kanggo jungjunan urang sadaya nu tos ngajalanan urang dina Iman sareng islamna, mudah - mudahan urang sadaya tiasa ngaraoskeun amis sareng nikmatna iman islam salaku muslimin.
Pirang - pirang do'a mangga urang sanggakeun ka sepuh - sepuh urang nu tos mayunan, pamugi iman islamna ditampi ku mantenna Gusti Allah SWT.
Urang do'akeun oge ka sepuh urang nu masih walagri ku do'a kasaean kanggo aranjeunna nu tos ngasuh ngasah ngasih tug tiasa urang sapertos ayeuna.
Salah sawios kebiasaan dina bulan Ramadhan aya tradisi nu disebat bukber.
Bukber atanapi buka bersama teh hiji kegiatan nu moal aya dina sasih nu sanes atanapi bukber mah ayana dina sasih khusus, tangtosna bukber mah ayana dina sasih Ramadhan, kaetang budaya anyar sareng trend dina jaman kiwari atanapi sabaraha tahun katukang ti pasca covid 2019, 2020. Da harita mah tong boroning ngariung , malah shalat berjamaah oge kedah paanggang wajib dimasker. Jarang ngariung malah kegiatan ngariung teh jadi kegiatan nu dilarang.
Teu pirang-pirang tempat direservasi(dipesen) lantaran katalian dulur atawa rekan kerja atawa saalumni sakola ti SD tug ka PT, sobat dalit nu nga-agendakeun ku beda tempat oge ragam menu ragam acarana. Variasi acara nu viralna gentosan kado Atawa jajanan snack
Urang candak sae sareng manfaatna , bukber tiasa janteun ajang silaturahmi , ajang patepung lawung pa amprok jonghok silih asah, asuh sareng asih. Kadituna sok pancakaki ngadongengkeun palampahan masing-masing, harepan sinareng cita-cita antugna sok silih do'akeun sangkan kapayunna aya dina kabagjaan sewang-sewangan.
Aya pertarosan nu tiasa di anggap ulangan dina bukber ieu :
1) Pang nyebutkeun tuangeun nu kabayang ku urang nu pang raosna?
2) Tuangeun naon nu pang dipikahoyong salami ieu?
3) Tuangeun naon anu matak jadi kenangan pas beres tuangna?
Aya nu ngarekomendasikeun tuangeun nu kumaha nu kedah dikonsumsi ku urang? Nyaeta tuangeun nu matak sehat , halal, nikmat jeung thoyib. Malah nu ngalaman diet malah kedah tilu tepat, tepat waktu, tepat takaran, tepat jenis.
Aya pengajaran ti sepuh urang nyaeta upami pas tuang ulah sok nyesa saurna sanguna matak ceurik. Leunyeupanen cacarek eta, urang sangkan ngahargaan rizki nu tos dipaparin ti Gusti Allah nu Rohman sareng Rohim. Sanajan saremeh oge teh dianggapna urang kalebet pinter tumarima kana pamasihan ti Gusti Allah SWT.
Aya ekperimen sosial nu mangga tiasa dicobian, barang tuang ku opat level kasadaran. Mangga tuangna kedah merenah tong aya ganguan (emutan, jus jos ku pikiran kariweuh sareng padamelan) handphone, calik merenah sarta dina kaayaan sadar teu lulungu atawa tunduh.
Level 1 : kawitan sasuap ngunyah tuangeun ku dua puluh etangan, raoskeun tekstur heras lembutna, oge raoskeun bumbu rasa sangkan apal naon nu nuju dituang ku urang , raoskeun rasa amis, asin, haseum, pait nalika tuangeun ti olah ku letah diilembutkeutkeun ku waos urang tug dugi ka tikorona.
Level 2 : ngabayangkeun timana asal eta tuangeun, saha nu masakna, kumaha masakna, sabaraha lami prosesna, timana balanjana.
Level 3 : ngabayangkeun kumaha melakna, sabaraha lami timimiti melak atawa miara tug dugika dipanenna, kabayangkeun poe, cuaca nu kaalamannana suka dukana nu miara, urang jarang malire kana eta proses, terangna tos aya wae, mangga tiasa jadi momen ngahargaan padamelan tukang tatanen sareng nu biasa ingon-ingon.
Level 4: ngabayangkeun Rahman Rohimna Allah SWT nu tos masihan rizky nu tos katuang ti orok nepi kakieuna, masihan waragad baham letah waos ciduh (enzim lipase) patuangan , lambung, usus, sapuratina. Allahu Akbar , Alhamdulillah.
Naon tujuan akhir ekperimen eta?
Sadaya level sangkan urang jadi pinter bersyukur kaMantenna. Malah urang tiasa diajar ka bangsa deugeun, salah sawiosna bangsa Jepang nu sok nyebut itadakimas. Rumasa kana tuangeun nu tos katampi , nganuhunkeun ka sadaya nu tos berjasa kana eta tuangeun oge ka Pangeranna.
Mugia pedaran jadi ibrah (pelajaran) kanggo urang sadaya.Sasieureun sabeuyeureun sangkan manfaat pikeun urang.
Rupina sakitu nu kapihatur hapunten sagala rupi kalepatan kaluputan sareng kakiranganana, beber layar poe anyar, lulus banglus ginuluran, tebih tina marganing balai, anggang tina sagala gogoda disarengan luhur kuta gede dunya, jatnika sapapaosna, bagja dunya rawuh akheratna.
Bilahi taofik walhidayah.
Wassalamu alaikum Wr.Wb.