Selamat bertemu kembali para pembaca budiman, saya coba tuliskan naskah podcast di blog saya sebagai bahan pendukung dan data saya. Jika Anda berkenang silakan membaca dan mendengarkan podcastnya. Saya berpikir sajaian ini bisa melayani para pembaca yang Audio maupun visual.
Musik Pambuka Music Kacapi Suling
Eusi Kahiji
Wilujeung
wayah kieu para wargi sadaya, khususna ibu/bapak guru oge murangkalih nu
dialajar di mana bae. Tradisi ngadongeng boh wae nu mamaos atanapi nu
ngupingkeun khususna dongeng tos kageser ku pola era 4.0 , meureun tos kageser
ku pilihan kaanteung sewang-sewangan. Kukituna taya sanes pedaran ieu mugia
tiasa nambihan rohang sareng waktos pikeun urang sadaya ngenaan tradisi diajar
ngareugeupkeun oge metik hikmahna Etang-etang nostalgia pikeun generasi ibu
bapak guru sareng genarasi milenialna. Dongeng ieu rada dibumbuan sakedikna
namung heunteu ngarobah teuing tina aslina.
=============================================
Music Kahiji ( Suara pedesaan )
Pedaran ka hiji ( Plus Background musik )
Dongeng Santri Bodo
Tina Pamager
Basa X,
Karya Drs.
Taufik Faturahman, spk
Kieu dongengna :
Aya
santri pohara beletna. Nepi ka mindeng jadi pamoyokan santri-santri lianna.
Mangtaun-taun masantrén, can ngalaman hatam Alqur’an sakali-kali acan.
Boro-boro hatam Alqur’an, jampé solat ogé ukur baé bisa maca fatihah jeung
surat parondok. Puguh deui nalar kitab atawa nyarita ku basa Arab mah,
tinggaleun pisan. Tapi, ari (urusan)
ngaliwet mah pangpinterna. Kabéjakeun kaanggo ku Ajengan sagala.
Loba
babaturanana nu geus baroga pasantrén sorangan. Atuh santri-santri anyar
jul-jol, ngaganti nu geus taramat. Ari manéhna teu menyat-menyat. Tungtungna
ngarasa éra sorangan. Éra ku sasama santri, éra ku Ajengan.
Tina
geus teu kuat nahan kaéra, hiji poé manéhna nepungan Ajengan di bumina.
Maksudna (mah) rék terus terang, niat balik ka lemburna. Barang tepung pok nyarita,
“Ajengan abdi seja amitan, badé mulang ka
lembur,” cenah.
“Mulang
téh mulang kumaha, apan lain waktuna peré?” témbal Ajengan.
“Mulang teras, moal wangsul deui ka pasantrén. Da bongan geuning,
mangtaun-taun masantrén, teu aya pisan kamajengan.”
Ajengan henteu buru-buru ngidinan. Malah terus ngawurukan, sangkan ulah babari
pegat harepan. Unggal jelema kamampuhna teu sarua, cenah. Aya nu gancang bisa
nangkep pangajaranana, teu kurang-kurang anu butuh waktu rada lila, kakara
manéhna ngarti.
“Ulah, manéh ulah mulang, mending balik deui ka pondok. Hég
diajar leuwih rajin ( atuh )!”
saurna deui.
Tapi
manéhna keukeuh ménta diidinan mulang. Basana, ti batan miceunan waktu di
pasantrén, mending sagawé-gawé di lembur. Diajar néangan pangupa jiwa.
==========================================
Music Kadua
Pedaran
ka dua
Ku
sabab niatna geus pageuh, ahirna Ajengan teu tiasa naon-naon.
“Rék iraha manéh mulang (teh)
, apan ayeuna mah geus burit?”
“Badé énjing saatosna solat subuh (
wae Mama ),” cenah, teu poho ménta didungakeun.
Isukna, rebun-rebun pisan manéhna ninggalkeun pasantrén. Ti pasantrén ka
leburna téh, lilana kira-kira sapoé. Sajaba ti éta kudu ngaliwatan leuweung,
ngurilingan pasir, sarta turun ngaraas walungan.
==========================================
Music Katilu
Pedaran
ka tilu
Tengah
poé kakara meunang satengahna pasir. Hartina satengah poé deui, kakara nepi ka
lemburna. Lantaran ngarasa capé, Ki Santri eureun heula niat reureuh. Gék diuk
handapeun tangkal kai. Kaayaan di sakurilingeunana kacida tiiseunana. Nu
kadéngé téh ukur sora angin nebak tatangkalan, paselang jeung cluk-clakna
cikaracak. Tapi, ku sabab capé, guher manéhna saré tibra pisan.
==========================================
Music
Kaopat
Pedaran
ka opat
Hudang-hudang
beuteungna ngarasa lapar. Rét ka luhur, panonpoé mimiti déngdék ngulon. Kop
kana bekel bawana. Réngsé dahar tuluy beberesih, nginum sakalian wudu tina
solokan leutik, teu jauh ti tempat manéhna reureuh. Bérés wudu, terus solat
lohor luhureun batu lémpar.
Tah, waktu manéhna solat, sora cai nyakclak kadéngéna beuki jelas.
Clak…clak…clak…, cenah, siga meunang ngatur. Méh baé solatna batal.
Tutas solat, panasaran hayang nyaho asalna sora. Sabada ditéangan, bréh …
katénjo, cai tina sela-sela batu, ngarayap mapay aakaran, méméh ragrag ninggang
batu lémpar.
“Ieu geuning asal datangna sora téh”,
gerentesna..
“
Ngan édas mani siga beunang ngatur. Sora
rag-ragna ngalagu, sarta angger wirahmana. Persis sora tik-tekna jarum jam”
.
Kalakuan
cai ku manéhna terus diperhatikeun. Ti mimiti barijil tina sela-sela batu,
tuluy mapay aakaran, nepi ka tingkareclak ragrag kana batu téa.
Ana
diteges-teges, geuning batu anu kacakclakan cai téh nepi ka legokna. Hég ku
manéhna dipikiran, “ Batu sakitu teuasna
bisa legok ukur karagragan cikaracak. Pasti lain waktu sakeudeung-sakeudeung.
Bisa jadi mangpuluh-puluh taun “, gerentes hatena deui.
Ki
Santri tuluy mikir bari ngomong sorangan.
“Heueuh
ari leukeun jeung sabar mah, cai nu ukur sakeclak-sakeclak, bisa ngalegokan
batu nu sakitu teuasna. Naha ari aing…, tungtungna inget kana kalakuan
sorangan. Pédah diajar ngaji teu bisa-bisa, gancang ngarasa éléh. Nepi ka milih
balik ka lembur, ti batan diajar leuwih soson-soson”.
Harita kénéh manéhna ngagidig seja balik deui ka pasantrén. Dina jero haténa
jangji rék leuwih rajin diajar. Cenah éta boga uteuk kacida beletna, rék
nurutan laku cai. Teu bisa sataun, dua taun. Dua taun teu bisa kénéh, matak
naon tilu taun. Sugan ari leukeun jeung sabar mah laun-laun kataékan.
Kajurung
ku sumanget rék diajar leuwih getol, leumpangna satengah lumpat. Atuh méméh
magrib téh geus datang deui ka pasantrén. Rasa éra duméh geus amitan balik
deui, buru-buru disingkirkeun.
“Aéh, geuning ilaing?” Ajengan kagét nénjo
santrina balik deui.
“Leres, abdi Ajengan,” cenah.
Méméh
Ajengan naros papanjangan, leuwih ti heula manéhna ngadadarkeun lalakonna. Nyaéta manggihan cikaracak, ragrag nyakclak
ninggang batu, nepi ka éta batu jadi legok.
“Piraku
abdi (nya Mama), manusa, kudu éléh ku cai jeung batu,”
cenah ka Ajengan.
Ku
sabab diajarna leuwih enya-enya, sakitu taun ti harita, masantrénna teu burung
tamat. Kabéjakeun éta santri belet téh nepi ka boga pasantrén gedé, sarta sohor
ajengan luhung élmuna.
============================================
Music Terakhir
Kitu
para wargi sadaya, mudah-mudahan janteun hiburan . Hapuntuen bilih teu merenah.
Tutup lawang sigotaka, pateupung deui dina waktos nu sanesna. Cag.